SOAL BAHASA SUNDA KELAS 6 SD SEMESTER 2

soal bahasa sunda kelas 6 semester 2


Berikut adalah soal bahasa sunda untuk siswa SD kelas 6 semester 2

PILIHAN GANDA 

Cakraan jawaban nu bener tina soal di handap!


1. Wirausaha nyaeta ...

      a. migawe usaha sorangan pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoena

      b. migawe usaha jeung batur pikeun nyumponan kahirupan sapopoe

      c. migawe usaha babarengan pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoena

      d. migawe usaha pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoena


2. wirausaha teh kudu pinter jeung boga ... dina ngusahakeun produk anyar

      a. kahayang

      b. bakat

      c. modal

      d.usaha


3. ekonomi kreatif di tasikmalaya pagawean nu ngahasilkeun ...

        a. jasa

        b. hasil

        c. barang

        d. lapangan pagawean


4. naon hartina mesat ..

      a. enggal

      b. ngawalan

      c. ngadeug

      d. pinter


5. kecap sawanda bodo nyaeta ...

    a. belet

    b. pinter

    c. rajin

    d. calakan


6. Ema mulang ti bandung. 

    Kecap sawanda mulang sarua jeung ...

     a. balik

     b. datang

     c. miang 

     d. dongkap


7. kecap kasarna wafat nyaeta ...

    a. ngantunkeun

    b. pupus

    c. paeh

    d. maot


8. carita nu dipedar nurutkeun kajadian, tokoh, jeung konplik disebut karangan ...

      a. argumentasi

      b. deskripsi

      c. narasi

      d. eksposisi


9. Batik trusmi didirikeun abad ka ...

      a. 11

      b. 12

      c. 13

      d. 14


10. Pagawean awewe jawa ti baheula jadi keterampilan manehna dina ...

      a. ngajait

      b. ngabatik

      c. nyulam

      d. petani


11. Mbah trusmi nya eta penyebar ajaran islam di cirebon bareng jeung ...

      a. Sunan Kudus

      b. Sunan Kalijaga

      c. Sunan Muria

      d. Sunan Gunung Jati


12. Salawe sarua jeung ...

      a. 28

      b. 27

      c. 26

      d. 25


13. Mang agus ngala cau ... di kebon

     a. sajodo

     b. saturuy

     c. sadampa 

     d. sasolor


14. Kalimat pananya nu nunjukkeun jumlah nyaeta ...

      a. di mana

      b. sabaraha

      c. iraha

      d. saha


15. Legok tapak genteng kadek hartina...

      a. daekan kana gawe

      b. jauh panyabaanna, loba pangalamanna

      c. loba pangalaman

      d. teu kuat nenjo nu cilaka

Post a Comment for "SOAL BAHASA SUNDA KELAS 6 SD SEMESTER 2"